Hiji sore keur panas mentrang mentring, kang emod kikiplik di teras imahna bari halabhab.
Kang emod : “Ncep, pan manes geus diajar ngitung nya………….ka warung jig pang meulikeun koka kola keur urang sa imah”
Ncep : “nya bapa………..ncep bisa ka warung”
Kang Emod : “Meuli koka kola hiji keur bapa, hiji keur ema, hiji keur euis, jeung hiji keur encep. Jadi sabaraha botol kudu meuli nya?”
Ncep : “Tilu bapaaaa……….”
Kang Emod : “Eeeeeeee…………….naha tilu ??? Cik itung deui sing terapti, bapak, emak, euis, jeung encep hiji sewang, jadi koka kola sabaraha botol ?”
Ncep bari molohok ngajawab
lalaunan :……………….til……….lll……uuu
Kang Emod jadi ambek, sementara si Ncep keukeuh : Tilu”
Teu sabar kang Emod geus rek nalipan si Ncep.
Si Ncep bari cirambay keukeuh ngajawab : “Koka kola tilu botol bapaaaa……………da Ncep mah hayang pocariiii………………..
Tidak ada komentar:
Posting Komentar